RASA RUMASA
KHUTBAH KAHIJI
اَلْحَمْدُ
لِلَّهِ اَهْلِ الْحَمْدِ وَ الثَّنَاءِ . اَلْمُنْفَرِدِ بِرِدَاءِ
الْكِبْرِيَاءِ . اَشْهَدُ اَنْ لَّا
اِلَهَ اِلَّا اللهُ الْمُئَيِّدُ صَفْوَةَ اْلأَوْلِيَاءِ بِقُوَّةِ الصَّبْرِ
عَلَى الضَّرَّاءِ وَالشُّكْرِ عَلَى النَّعْمَاءِ وَاَشْهَدُ اَنَّ مُحَمَّدًا
عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ سَيِّدُ اْلأَنْبِيَاءِ وَاْلأَتْقِيَاءِ . اَللَّهُمَّ
صَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِهِ وَصَحْبِهِ
الْكُرَمَاءِ . اَمَّا بَعْدُ : فَيَا عِبَادَ اللهِ اِتَّقُّوْا اللهَ حَقَّ
التَّقْوَى . اَعُوْذُ بِاللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ : قَالُوْا
سُبْحَانَكَ لَا عِلْمَ لَنَا إِلَّا مَا عَلَّمْتَنَا إِنَّكَ أَنْتَ الْعَلِيْمُ
الْحَكِيْمُ
"Para Malaikat ngawalon :
“Maha Suci Gusti ! Abdi sadaya henteu
terang naon-naon kajabi ti katerang
(elmu) anu parantos
dipaparinkeun ku Gusti ka abdi
sadaya. Sayaktosna nya Gusti Nu
Maha Uninga, Nu Maha Wijaksana” (QS. Al-Baqoroh, ayat 32).
Hadirin Ahli Jum`ah
Rahimakumullah !
Dina ngambah kahirupan di dunya
ayeuna kahade urang bilih lali kana tujuan hirup anu saleresna, kabengbat ku
ladang titingalian jeung kukupingan, anu ka dituna teu gaduh rasa rumasa, teu
ngarumaoskeun diri makhluk Allah, diciptakeun ku Mantenna, teu ngarumaoskeun
lemah, yen hirup diusik malikeun ku Allah, huripna diatur ku Gusti Allah,
akhirna timbul asa. Sagala asa kenging nyalira, kamampuan sorangan, asa aing nu
kawasa, asa aing uyah kidul, tungtungna jadi takabur, teu mampu ngajenan batur,
hirup katalanjur, dugika hilap ka alam kubur.
Manusa kedah ngagaduhan jiwa
rumasa sareng tawadlo, henteu asa aing, ieu kedah diusahakeun sareng dilatih.
Carana nyaeta, tonjolkeun ku rasa kalemahan diri, pareuman rasa kapunjulan
diri, saperti kalemahan diri dina elmu, da elmu manusa mah aya batesna, kacida
saalitna. Pidawuh Allah Nu Maha Suci:
وَيَسْأَلُوْنَكَ عَنِ الرُّوْحِ قُلِ
الرُّوْحُ صلى مِنْ أَمْرِ رَبِّيْ وَمَا أُوْتِيْتُمْ مِّنَ
الْعِلْمِ إِلَّا قَلِيْلًا
“ Jeung maranehna naranyakeun ka
Anjeun {Muhammad} perkara roh. Pok caritakeun: Ari roh mah
urusan Pangeran kaula;
jeung arandika henteu dipaparin
elmu anging kalawan
saeutik" (QS. Bani Israil,
ayat 85).
Rumasa diri lemah dina amal
ibadah, buktina can betah jeung can tiasa khusyu dina ibadah, can mampu ikhlas
anu sanyatana. Rumasa lemah dina katiasa, kagaduh, harkat sareng darajat, margi
diri aya nu ngawasa nyaeta Gusti Allah SWT.
atuh sagala rupa ulah diaku ladang kabisa diri, da eta mah taqdir ti Nu
Maha Kawasa. Tebihkeun rasa kieu: “ Dibandingkeun jeung si anu mah leuheung keneh,
teu kedul-kedul teuing, teu bodo-bodo teuing, teu salah-salah teuing ! ”. Perasaan anu bieu kedah dipupus margi diri
jadi asa, ngaruksak kana karumasaan jeung kaikhlasan.
Paling henteu dina nalika urang
nuju nyorangan jauh ti papada kaula, sing aya rasa yen raga teh geuning
nyorangan teu aya nu maturan, gaul jeung batur ukur amprok di pasimpangan jalan
jang nyumponan kaperluan candakeun mulang ka lembur, moal salamina
dipanyabaan, da ti dituna oge sorangan,
engke ge bakal balik deui nyorangan.
Hadirin Rahimakumullah !
Mangfaat gaduh rasa rumasa bakal
kadedemes ku elmu, margi rumasa sepi tina pangarti sepa tina pangabisa. Bakal
kersa tobat, margi rumasa seueur dosa, seueur kalepatan, bisi dosa kacandak ka
alam kubur. Oge bakal kadedemes kana
amal soleh candakeun ka alam kalanggengan, bekel candakeun menghadep ka Dzat Nu
Maha Agung.
Tina rasa rumasa
ieu kedah aya bukurna, karumasaan
tanpa aya bukurna namina bohong,
lamunan, masih diulinkeun ku syetan. Upami rumaos lepat, enggal tobat, rumaos
bodo atuh kedah kersa milari elmu, rumasa hina atuh hirup ulah kumuluhur, lamun
rumasa urang kufur kedah rajin tafakur memeh lebet ka alam kubur. Kasauran
Hukama :
اَلْحُزْنُ عَلَى فُقْدَانِ الطَّاعَةِ مَعَ
عَدَمِ النُّهُوْضِ اِلَيْهَا مِنْ عَلَامَاتِ اْلإِغْتِرَارِ
" Rasa nalangsa lantaran teu ngalakukeun kataatan (ibadah)
tapi bari teu dibarengan
usaha nguniang hudang kana eta
kataatan, maka eta tanda diulinkeun (ditipu) syetan".
Jalmi anu ngagaduhan rasa rumasa
berarti ngamilik jiwa tawadlo, sedengkeun dimana jalmi tos ngamilik jiwa
tawadlo maka bakal diluhurkeun martabatna ku Gusti Allah, dipikacinta ku Gusti
Allah, ku para malaikat sareng ku sadaya jalmi, cariosanana bakal aya dina
panampian makhluk. Kanjeng Rasulullah SAW ngadawuh:
وَ مَا تَوَاضَعَ اَحَدٌ لِلَّهِ اِلَّا
رَفَعَهُ اللهُ – رواه مسلم
“Jeung teu pati-pati hiji jalma
tawadlo karana Allah, anging Allah bakal naekeun martabatna” (Riyadlush
Sholihin, kaca 298).
Tapi, karumasaan anu aya dina hate
ulah jadi panghalang, hoream jeung isin nerangkeun haq, teu mampu ngajak batur
kana bebeneran, amar maruf nahyi munkar, kupedah ngarasa diri hina jeung can
bisa bener, ngarasa teu aya ka gaduh. Tapi oge ulah adigung kunu suwung, agul
ku payung butut.
بَارَكَ اللهُ لِيْ وَلَكُمْ
وَلِجَمِيْعِ الْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ
اِنَّهُ هُوَ الْغَفُوْرُ الرَّحِيْمُ
KHUTBAH KADUA
0 comments:
Post a Comment